Selasa, 26 Juni 2012

CONTO TATA LAKU PROSESI UPACARA PANGBAGEA SISWA LULUSAN PINUNJUL


Juru Laku        : a. Lengser Juru Payung
                          b. Juru Tari ( Pagar Ayu )
                          c. Juru Umbul-umbul
                          d. Juru Aping
                          e. Wiyaga / Pangrawit
                          f. Juru Sekar
                          g. Narator / Wiraswara

PROLOG       : Prosesi Upacara Pangjajap ka siswa lulusan pinunjul SD Negeri Gelar 2 Kecamatan Cianjur Taun Ajaran 2011-2012 dikawitan …………………. !

GENDING     : Goong 3 x ……………. Gending Bubuka …………….. Geder ipis ( 4 )

ADEGAN       : Cindek di tempat sewang-sewangan

PROLOG        : Kebek ku otak perwatek, kebek ku niat jeung tekad,
                          Nunyanding mamanisna ati, nyaliara na manah nu hikmah
                          Elmu luhung geus disusud, pangaji diri rek disungsi,
                          Kiwari kasari kabukti, laksana sapaneja
                          Cacap wisuda dina waluya, hataman tanda lekasan
                          Malah mandar jadi cukang lantaran,
                          Geusan babakti ka lemah cai ……………………!

GENDING     : Gambir Sawit

ADEGAN       : Juru Umbul-umbul maju kalawan ngawangun gerakan mandiri.

GENDING     : Geder ( 4 ) …….. Kacapi Masieup Tembang ( Papantunan )

ADEGAN       : Lengser ngalanglang palataran upacara

PROLOG        : 
Amit kula seja amit, ka luhur
ka Nu Maha Agung
Nu calik di kota maneuh…….
Karaman dedemit rujit kasilih ku sang maruta
                         
Pun sampun ka Maha Agung
Ka Nabi tur para Wali
Para Syuhada ambiya
Sholawat sakabeh mukmin
Kula neda barokahna
Mugia neda ijabah

Ka luluhur ka karuhun
Ka buyut ka nini aki
Ka indung anu teu ngandung
Bapa nu teu ngayuga diri
Ka saderek anu gaib
Nu ngancik di bumi suci
Alam padang poe panjang
Kula neda pangjaringna
Ahung…ahung ….ahung…..


Pun sampun … … Pun sampun… … Pun sampun … …
Bagea hidep anaking…… … !
Yap kadieu urang aping, urang jaga urang jaring
Der gending geura ramekeun ,bral miang geura papagkeun
Bur payung geura bukakeun, … bur payung geura bukakeun
Bur,… … payung geura bukakeun … … …! 

GENDING     : Gending Panyelang (Degung Pajajaran)

ADEGAN       : Juru Payung kalih Juru Aping majeng kalayan ngawangun gerakan mandiri

PROLOG        : Tembang Pangapungan

Payung mendung pinayungan,
Papayungna kahirupan, anaking
Kuwung-kuwung elmu luhung, padepokan panalaran
Luhungna jembar panalar, junun
Junun geus mangtaun-taun,
Peurih katiir ku wanci, tutug
Tutugna poe ayeuna, ayeuna cacap paneja,
Wisuda dina waluya, hataman tanda lekasan,
Arum turunna, arum tinawur …………… !

GENDING     : Catrik Ganes

ADEGAN       : Pager Ayu miang ngabageakeun siswa lulusan pinunjul

GENDING     : Geder ( 4 )

ADEGAN       : Mamang Lengser saparakanca ngabageakeun siswa lulusan pinunjul

GENDING     : ……………………R E U R E U H………………………

ADEGAN       : Prosesi “PANGBAGEA” ka siswa lulusan pinunjul SDN Gelar 2
                          Kacamatan Cianjur Taun Ajaran 2011-2012 ku mangrupi “KALUNG BUNGA”
                          ( Ka kersana ibu Pupuhu SDN Gelar Kacamatan Cianjur, mangga dihaturanan  kanggo ngalungkeun runtuyan kembang nu dironce mangrupi mangle ka siswa lulusan pinunjul SDN Gelar 2, minangka kadali pikeun anu seja miang tandang makalangan, sumangga dihaturanan )

GENDING     : Geder ipis … … …Kacapi masieup tembang

PROLOG        : Kangkalung sekarning arum, pikeun ngadalian diri
                         Ngarenda nu seja miang, kangkalung simpay kaeling
                         Eling kana titincakan, tong poho ditemah wadi … …!

ADEGAN       : Prosesi pamasrahan ijazah ka siswa lulusan pinunjul SDN Gelar 2
                          Kacamatan Cianjur Taun Ajaran 2011-2012
                         ( Ka kersana Bapa Pupuhu Pusbindik Kecamatan Cianjur, sumangga dihaturanan pikeun masrahkeun ijazah ka siswa lulusan pinunjul SDN Gelar 2, minangka prasasti ajen diri, lekasan nyiar atikan,  sumangga dihaturanan ) 

PROLOG        : Duh anaking teu karasa, kiwari ngajadi bukti
                          Hideup geus tamat diajar, nungtut elmu nyungsi harti
                         Tapi hideup sing gumati, tong poho kana piwuruk
                         Minangka tanda pamungkas, prasasti keur ajen diri
                         Geura tampa-geura tampa, ijazah anu utama ……!

Sasmita pamasrahan siswa kelas 6  ka wali siswa



ADEGAN       : Bapa pupuhu SDN Gelar 2 masrahkeun siswa kelas 6 anu parantos rengse nyiar   atikan di SDN Gelar 2 ka pihak sepuhna sewang-sewangan

                          Bapa pupuhu Komite SDN Gelar 2 minangka asmana sadayana sepuh siswa kelas 6 nampi kana pamasrahan ti pihak sakola

Sawer pangjurung laku siswa anu seja miang


PROLOG        : Disawer dina bangbarung, jig indit ka bumi asih
                          Nyengkal buana sorangan, diri sing manjing walagri
                         Jiwa digjaya waluya, dibarengan sugih ati ……!
                                    Disawer bari dipayungan dina usik
                                    Dina ringkang kumelendang, da eling-eling ka pawit
                                    Eling kana titincakan, nawaetu dina ati ……!

GENDING     : Puspajala

ADEGAN       : Mamang Lengser saparakanca ngajajap Siswa Lulusan Pinunjul anu seja miang tanda makalangan.

PROLOG        : Bray sing bengras, bray sing bengras
                          Nyaangan nu lalampahan
                          Bray sing bengras, bray sing bengras
                          Marengan nu rek amitan
                                    Bray sing caang, bray sing caang
                                    Lir sang surya narawangan
                                    Bray sing caang, bray sing caang
                                    Masing caang herang mencrang
                         Halimun anu ngadingding
                         Mugia sing geura peuray
                         Haleungheum anu keur ceudeum
                         Mugia sing paburincay
                                    Ngawitan ngalengkah mencar
                                    Seja ngambah jalan anyar
                                    Lumampah anu munggaran
                                    Neruskeun harepan jembar

PROLOG        : Sakitu nu kapihatur Prosesi Upacara Pangbagea ka Siswa Lulusan Pinunjul SDN Gelar 2 Kacamatan Cianjur Taun Ajaran 2011-2012, wilujeng tandang makalangan, mugia apanjang-apunjung
                          Cag ah ………!

GENDING     : Gending Panutup (Gambir Sawit)

Sabtu, 23 Juni 2012

CONTOH PIDATO SAMBUTAN PERPISAHAN KELULUSAN SEKOLAH

Yang terhormat Bapak Kepala Sekolah, Bapak dan Ibu Guru, serta teman-teman yang saya cintai.

Pertama-tama marilah kita panjatkan puji syukur ke hadirat Tuhan Yang Maha Esa karena atas segala rahmat-Nya pada hari ini kita dapat berkumpul bersama guna mengadakan acara perpisahan sekolah.

Para hadirin yang saya hormati, ijinkan saya mewakili teman-teman untuk menyampaikan sepatah dua patah kata dalam rangka perpisahan ini.

Selama bersekolah, kami sebagai siswa sangat bangga dan berterima kasih dengan semua guru yang telah mengajar di sekolah ini, yang dengan sangat baik, tidak pernah pilih kasih dalam mendidik, sangat sabar dan tidak kenal lelah dalam membimbing kami. Berkat jerih payah semua guru, kami pun dapat lulus dari SMP ini.

Mudah-mudahan semua guru yang bertugas mengajar di sekolah ini dapat diberikan kesehatan yang baik dan diberi kebahagiaan selalu.

Juga untuk teman2 semua. Sungguh berat rasanya berpisah dengan kalian semua, karena kita sudah bersama2 selama 3 tahun ini. Tapi tetap saya juga mendoakan teman2 semua dapat melanjutkan ke pendidikan yang lebih tinggi, baik ke SMA, ke SMK, ke STM maupun institusi pendidikan lainnya untuk dapat mencapai cita2 yang selama ini diangan2kan.
Akhir kata, saya mau mengucapkan sukses selalu buat teman2, doa saya menyertai teman2 semua...

GALINDENG KABUNGBULENGAN (Kumpulan SMS ti hiji Sastrawati )


Dina iuh-iuhna kota Bandung
Dina kalangkangna kota Lembang
Sajarah muka carita,

(Cek manehna : dina SMS)
Teu kenging penggas harepan
Dinten enjing balebat pasti nembongan
Sumirat masih tetep marengan

Naha mega teu bisa nyingray ….?
Usum aya gantina
Eta geus pasti
Teu mustahil kajadian

Angina teuing ku lirih
Ngusap, ngendag-ngendag
Nu nyamuni
Dina rindatna soca
Tapi da tetep
Moal ngolembar

Urang napak di jalan sewang-sewangan
Urang tepung di jalan pasampangan
Naha teu bisa malih warni
Bari ajeg miara nu geus aya
Naon nu dirempak
Da ngan sakadar gerentes

Waktu urang tungguan
Ngajadi buah atawa ngarangrangan
Urang teu bisa nganjang
Ka poe isukan

Hanjakal nya…..,
Urang teu tiasa laluasa
Ngamalirkeun nu ngagalura
Na jero dada
Da aya wates nu teu bisa dirempak
Tapi getering rasa mah
Moal tiasa dihalangan

( ceuk anjeun : masih keneh dina SMS
nalika rek paturay…..)
Isukan balebat anyar
Tapi kalangkang kamari 
Bakal terus ngalimpudan
Eta geus pasti….!
Naha diri bet katalimbeng,
Dina umpalan sagara kahayang
Nu hamo tinekanan
Linglung….!

(SMS anjeun : nalika tos mulang)
Warna beureum saulas
Ngudat,
Ngusap bulan kulawu,
Mepende manjing sareupna
Raong kongkorongok,
Luak-lieuk euweuh sasaha
Balik deui kana sagara simpe
Deudeuh…….!
Urang teu tiasa nganjang ka pageto,
Panonpoe masih sumirat
Hirup masih aya harepan
Ku naon pondok harepan…?

Aya kalangkang nyangsang
Marengan saban renghapan
Minuhan saban rohangan

Aya rasa kahanjakal,
Naha urang pateuteup
Dina wanci geus reupreupan
Rasa katideresa
Teu walakaya….!
Naha lolongkrang bet nonggerak
Dina mangsa urang paanggang
Aya kahayang pikeun ngadongkang
Ngan kudu kumaha pipetaeun
Bingung ……!
Mapay hambalan rasa
Sugan jeung sugan
Aya nu bisa meper
Galindeng katresna
Kalah beuki momotan,
Kudu kumaha atuh kuring……?
Kabungbulengan…….!

(cek anjeun : bari ngalimba dina SMS)
Kang ceboran malati teh
Sanajan teu make pot
Niscaya bakal lana
Ngadalingdingkeun tembang kasmaran
Sanajan sakadar harewos
Ti jauhna
Kade nya….!

(SMS tengah wengi)
Wengi ieu ,
Tunggara teh asa tambah rosa
Sirung-sirung katresna
Morontod jadina
Moal dipiteskeun
Sanajan moal sina jadi buah
Keun…, sina jadi kembang katineung
Nu mere gurat endah
Di jalan hirup abdi
Nu pasti …..!
Ayeuna aya hate
Nu keur tipepereket
Nahan galura rasa
Nu mehmehan bedah

( waktos anjeun ditaros, :
naha pami ……………. )
Ngahaja,
Minangka hiji tarekah
Kanggo meper
Nu nembragan dada
Nu dijurung karumasa
Nu tos nyoro alas batur
Ari kahoyong mah
Unggal menit anjeun nepamgan …!

Kadang aya rasa kasieun
Sieun kaleungitan
Tapi sok kasilih kukasadaran
Anjeun hamo kadongkang
Anjeun saha, abdi saha
Tapi najan urang pamohalan ngahiji
Pamugi ulah laas
Panuhun…..!

(SMS wanci balebat)
Geura gugah …….!,
Urang papag balebat
Sugan jeung sugan
Manggih kabagjaan
Sanajan ukur kalangkang…!

Wilujeng enjing….!
Wengi tadi abdi ngimpen
Tepang jeung salira
Duh bagjana…,
Kantenan pami enyaan

Bulan tumanggal kulawu
Kungsi ngolembar
Bongan udagan ukur riwan
Kamelang, honcewang
Kasiih asih nu meulit
Ngaraga sukma
Bongan saha ……..?

Angin  peuting,
Hiliwirkeun hariring kuring
Nu midangdam taya sudana
Ka hiji ngaran
Nu teuing di mana
Pang bejakeun
Didieu aya nu hayang balaka
Ngaguar eusining rasa

Nyeri beuheung sosonggeteun
Ngantos harewos
Nu cenah bade didalingdingkeun
Ku angin peuting
Geuning ukur lalambe
Pangbebenjo
Pikir nu rungsing…..!

Cenah :  (ceuk anjeun dina SMS)
Sirung tong dipeunggaskeun
Keun sina rekah baranahan
Tapi naha …….
Bet aya kacangcaya ..?
Sanajan sugan jeung sugan
Urang sorang ku harepan …!

Lalambe ti salira,
Palias ukur panyombo
Moekan ati nu pinuh kahayang
Teu masalah,
Jadi tempat pangreureuhan
Asal ulah
Jadi tempat pangulinan
Nu bakal ditinggalkeun
Mangsa hanaang, ilang
Hariwanmg ……!

Bulan sapasi ,
Imut mani kareueut
Bentang tingburilak
Ngeletan rasa
Pangacian ngalayang
Ngawang-ngawang
Duka ka mana …!

Aya keclak cimata bagja
Nalika anjeun
Ngajanggelek lain na riwan
Meubeut meulit
Ngaraga sukma
Beuki bumetah
Dina lelembutan
Sanajan teu weleh ditoelan
Karumasaan ……!

Cag ah ……
Tos cape mapay laratan,
Galindeng kabungbulengan
Urang pungkas
Lekasan ………….!