Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé
Assalamu’alaikum Wr. Wbr.
Ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos nyésakeun lolongkrang waktos
kanggo simkuring, pikeun sasanggem dina ngabagéakeun kulawarga calon pangantén
pameget. Rupina teu aya deui kecap nu langkung anteb kanggo ngébréhkeun rasa
bagja jero dada, iwal ti tasyakur bini’mah, ngagalindengkeun puji miwah sukur
ka Alloh SWT, anu tos ngalungsurkeun pirang-pirang nimat kanggo urang sadaya;
nimat iman, nimat Islam, nimat dipaparin jagjag tur waringkas, dugi ka dina
dinten anu sakieu cangrana, insya Alloh urang baris nyakséni ngadahupna Jang ............ Kadaluwarsa ka ,,,,,,,,,,,,,,,,,.
Alhamdulillah, pangersa Bapa Naib ti Kantor Urusan Agama parantos sumping.
Mangga Pa Naib, calikna di payun, supados simkuring langkung reugreug. Sumuhun,
sabada nyukruk galur pancakakina mah, geuning sareng Bapa Naib téh masih
baraya. Kupungkur, simkuring kantos sakulah-sakolih sareng anjeunna di
internaat, waktos sasarengan janten murid Sakola Normal. Kulan? Sumuhun, sanés
internét, in-ter-naat. Upami ayeuna mah teu bénten sareng asrama.
Ku ditepangkeunana sareng Bapa Naib, asa tambih ngandelan kayakinan, réhna
perkawis jodo, pati, bagja sinareng cilaka mah anging Alloh Anu Uninga. Bapa
Naib nembé ngaharéwos, saurna, sanajan tos puluhan taun didamel di Kantor
Urusan Agama, sanajan tos ratusan kali nyatetkeun anu panganténan, nanging berekah
dugi ka danget ieu masih kénéh nyorangan. Kulan? Sumuhun, di dieu saurna
nyorangan sotéh, da di bumina mah aya nu ngaréncangan.
Urang kantunkeun heula dongéng Bapa Naib. Badé langsung baé ngawaler patalékan
ti sesepuh calon pangantén pameget, bilih aranjeunna gantung dangueun, bilih
teu sabar nganti walonan. Mangkaning nembé nyorang lalampahan sakitu tebihna,
sageuy upami diulur ku waktu téh. Pa ,,,,,,,, kitu deui wargi-wargi sanésna ti
Kalimantan, Jang ,,,,,,, téh seja ditampi, sakali deui, seja ditampi binarung ku
kabingahan.
Bapa ,,,,,, kalih Ibu, kitu deui wargi-wargi sadaya anu ku simkuring dipihormat,
Sanaos tos aya kedal ucap yén Jang ............. seja ditampi, nanging asa kirang payus
upami sasanggem téh dicagkeun dugi ka dieu. Angot nguping sasauran ti sesepuh
calon pangantén pameget sakitu ngagebayna. Étang-étang kaul wé ieu mah, ngiring
bingah ka nu badé panganténan.
Upami disebat katempuhan buntut maung mah panginten kirang merenah, nanging
kamari mah ditataharkeun pikeun biantara nampi calon pangantén téh nya pun
lanceuk pisan, ,,,,,,,,,,,,,,,. Nanging sabada diémut deui ku
anjeunna, sok inggis ébat dina waktosna. Bilih dumadakan geumpeur, malum nembé
pisan badé diajar janten mitoha. Kalih perkawis tos aya babadiamian ti
anggalna, upami nu nyérénkeun pangantén katingalna jangkung badag, seja
dilawanan ku nu langsip baé. Nya simkuring anu katempuhanana, da rumaos
pangbegangna.
Hadirin anu dipihormat,
Simkuring asmana kulawarga Bapa Among, kantenan ngarasa bagja binarung reueus,
réhna anu dianti-anti ti kamari, ditungguan ti mangkukna, ayeuna teu burung
cunduk. Sumuhun, ari melangna mah nataku, bilih aleutan ti Kalimantan kumaha
onam di jalan, mangkaning saurna lalampahan ti Samarinda ka Bandung téh dugi ka
opat dinten opat wengi.
Néng Siti mah tos kantenan, guling-gasahan ti kamari kénéh. Bet ngimpleng nu
lain-lain cenah, kumaha mun Jang ,,,,,,,,,, katiruk jajantung ku pramugari kapal cai,
dugi ka bolay niatna. Énggal baé dibeberah, masing yakin cék simkuring téh,
Jang ,,,,,, mah teu aya watek cunihin. Ayeuna mah, Nyai, geus teu jaman ngeleyed
téh. Jaman bruk-brak, jaman jujur, henteu sumput salindung. Na ari gantawang
téh pun lanceuk nyeukseukan, “Aéh-aéh, naha ceuk saha Akang cunihin, ceuk saha
Akang ngeleyed?” kituna téh bari muril-muril kumis.
Sumuhun, seja nguningakeun baé, wiréh pun lanceuk mah ceplak pahang, upami
sasauran téh tara didingding kelir. Nu mawi, titip baé ka Jang ,,,,,,,,,,, teu
kénging soak upami engké Pa Among muncereng, da tos kitu pasipatanana. Teu
kénging inggis ku kumis, da haténa mah sakitu léahna. Nanging, apan ayeuna mah
sanés jaman Si Kabayan, tos kedah teu usum mitoha paséa sareng minantu téh.
Sanés kitu, Kang Among? Sanés saurna téh.
Hadirin anu dipihormat,
Kantenan, kawitna mah Kang Among ogé teu kinten hélokna, basa uningaeun Néng,,,,,,gaduh beubeureuh dina internét. Saurna téh: “Teu kaharti ari barudak
ayeuna. Naon resepna bobogohan jeung nu teu puguh bungkeuleukanana, piraku rék
ngagaléntoran aksara? Jeung nu ngajirim wé atuh Nyai, tuh aya ,,,,,,,,,,,, ngan ulah wé ari jeung Ceu ,,,, mah.”
“Kang ,,,,,,,, téh nyaaheun pisan …” sanggem pun alo.
“Nyaaheun kumaha, tepung gé acan. Weléh teu kaharti ku kolot mah, sakalian wé
atuh kawin téh jeung komputer.”
Ah, da kitu geuning pun lanceuk mah.
Nanging, saparantos panjonghok, geuning teu burung ngarepok. Reugreug simkuring
téh, najan jodona urang Kalimantan, tapi apan enas-enasna mah apan masih kénéh
urang Sunda. Masih kénéh maké basa Sunda. Masih kénéh ngamumulé budaya Sunda.
Simkuring panuju pisan kana kasauran sesepuh calon pangantén pameget. Leres
barudak téh digedékeun dina jaman anu tos béda, nu disebat modéren téa, nanging
reueus naker upami masih émut ka titipan karuhun mah.
Hadirin anu dipihormat,
Pamaksadan Bapa ,,,,,,,, téh geuning pertéla pisan. Nguping niat anu sakitu
ihlasna, sageuy upami simkuring sareng pun lanceuk ngamomorékeun. Perkawis Jang ,,,,,,, anu magar seueur kakirangan, ah, da apan jalma mah teu aya nu sampurna.
Tong boroning barudak anu nembé badé diajar rumah-tangga, dalah anu tos puluhan
taun, sapertos simkuring, ari pacogrégan mah sok aya baé. Sawangsulna Si Nyai,
eukeur mah ogoan, katambah babarian, belikan, teu sabaran, Jang ,,,,,,,, gé
langkung uninga panginten. Hapunten pisan upami Néng ....... kirang pangaweruh
dina ngawulaan carogé. Nyanggakeun ka Jang ,,,,,,,, kanggo ngalelempengna.
Sumpingna kulawarga Jang ,,,,,,,,anu magar teu nyandak munding-munding acan, teu
janten émutan pikeun simkuring mah. Sanaos tadi ku simkuring katingal aya nu
nyandak soang dua jodo. Ku kasumpinganana gé, simkuring tos pirang-pirang
ngahaturkeun nuhun.
Mugia sabada diwalimahan, Jang ,,,,,,,, sareng Néng ,,,,,,, janten kulawarga anu
runtut-raut sauyunan. Sing manjang laki-rabina, dipaparin putra anu soléh,
geusan ngahontal kabagjaan dunya rawuh ahérat.
Sakitu nu kapihatur.
Billahi taufik walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wbr