Sabtu, 23 Juni 2012

Naskah Pemasrahan Calon Mempelai Pria (Bahasa Indonesia)


Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Yth. Bapak dan Ibu Orang Tua …………………..(Calon Mempelai Wanita)
Yth. Para Tokoh Masyarakat, Alim Ulama dan Pini Sepuh…
Hadirin dan hadirat yang berbahagia ….!

Terlebih dahulu marilah kita panjatkan puji dan syukur kehadirat Alloh SWT.
Tuhan Yang Maha Kuasa yang telah melimpahkan segala rahmat dan hidayah-Nya kepada kita semua. Dan hanya karena rahmat hidayah-Nyalah pada hari ini kita dapat berkumpul bersatu padu, bercengkrama bertatap muka dalam suatu acara yang Insya Alloh akan kita saksikan bersama yakni Acara Walimatunnikah antara Saudara …………………… dengan ……………………………..

Sholawat serta salam semoga selamanya terlimpuhcurahkan kepada Nabi terakhir yang terpilih, Rosul penutup yang termasyhur yakni Habibana Wanabiyyana Wamaulana Muhammad SAW. beserta para shohabatnya, kerabatnya, serta kepada seluruh umat yang selamanya taat kepada ajarannya sampai akhir zaman…

Bapak, Ibu, serta hadirin yang berbahagia…
Pada kesempatan ini saya atas nama keluarga Bapak ……………….. yang merupakan orang tua dari saudara ………………………………. terlebih dahulu menyampaikan permohonan maaf yang sebesar-besarnya kepada Bapak, Ibu, serta hadirin dan keluarga besar dari Bapak ………………………. apabila kedatangan kami beserta rombongan dari …………………………., dapat menggangu dan kurang berkenan di hati Bapak, Ibu serta hadirin selaku pribumi di sini. Apabila ada prilaku kami yang kurang sesuai dengan adat istiadat di sini mohon dimaafkan.

Bapak, Ibu, serta hadirin yang saya hormati…
Selanjutnya saya selaku juru bicara dari rombongan Calon Memnpelai Pria akan menyampaikan maksud dan tujuan kedatangan kami ke sini sebagai berikut :

1.     Ijinkanlah pada kesempatan ini saya menyampaikan salam silaturahim dari keluarga Bapak …………………..selaku orang tua dari …………………… kepada keluarga besar Bapak ……………………….. selaku orang tua dari
………………………….., dan semoga pertemuan ini menjadi sebuah wasilah untuk menjalin silaturahmi yang lebih erat antara kedua belah pihak keluarga dan handaitolan semuanya.
2.     Kami ini semuanya dipinta untuk mengantarkan seseorang yang tidak mau berangkat sendirian yaitu saudara …………………………, Dia ini yang asalnya merupakanseorang pemudayang tangguh, pemberani dan penuh percaya diri,  tapi kini dia mendadak menjadi orang yang penakut dan pemalu dan rendah diri. Hal ini tentu saja menjadi sangat membingungkan Bapak dan Ibunya. Tapi ketika ditanya hal yang menjadi penyebabnya, oh …ternyata Ananda ………………………… sedang dilanda penyakit asmara, karena ia telah tergoda oleh seorang gadis cantik jelita  asal…………………......... yang bernama …………………………. dan konon kabarnya tempat timggalnya di sini. Oleh karena itu, pada kesempatan ini, mungpung disaksikan olehpara Pini Sepuh dan handaitolan semua, saya atas nama Bapak ………………………… akan menyerahkan sepenuhnya ananda saudara ……………………. Sebagai Calon Mempelai Pria untuk segera dinikahkan dengan saudari ………………… yang merupakan putri Bapak ………………….. selaku Calon Mempelai Wanita. Di samping itu saya atas nama Bapak ……………………… selaku orang tua dari saudara ……..………………… menyampaikan permohonan maaf yang sebesar-besarnya kepada keluarga besar Bapak …………………………………….. karena kedatangan kami beserta rombongan ini tidak disertai bingkisan atau hadiah seperti yang diharapkan. Tapi kalu pun ada hanya semata-mata tanda kasih saying dari orang tua terhadap anaknya yang akan membina rumah tangga. Walaupun itu pasti masih jauh dari cukup. Sekali lagi saya atas nama Bapak ………………………………. menyerahkan sepenuhnya ananda saudara ………………………. dari ujung rambut sampai ke ujung kaki, dari segala kekurangan dan kelebihannya  kepada Bapak  selaku orang tua dari ……………………………… untuk segera dinikahkan……………………….

Bapak, Ibu serta hadirin yang berbahagia…..
Demikianlah kiranya ungkapan penyerahan dari saya atas nama Bapak………………………, dan akhirnya saya selaku pribadi dan rombongan menyampaikan ucapan terimakasih atas segala kebaikan dalam penerimaan kami beserta rombongan, dan mohon maaf apabila ada kekurangan dan kesalahan dari kami.

Terima kasih, Billahittaufiq wal hidayah,
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.   

Jumat, 22 Juni 2012

NASKAH GENDING KARESMEN



Judul              : CIUNG WANARA KAGODA

Tema            : Urang ulah gampang kagoda ku gurilapna budaya asing anu can karuhan bisa saluyu jeung budaya urang sorangan.
Sapitna ( Sinopsis )

            Kocapkeun di hiji lembur, jalma – jalma ngarasa honcewang sabab aya jalma asing ngaliwat. Kokolot kampong di eta lembur riweeuh cakah – cikih ngabejaan sakabeh warga sangkan salawasna caringcing, sabab saha anu nyaho cenah eta jalma teh mata – mata ti nagara deungeun anu boga niat rek ngacowkeun.
            Masih keneh di eta lembur, Nini jeung aki balangantrang keur bingung lantaran Ciun Wanara anakna can balik keneh bae. Atuh barang ngadenge beja aya jalma asing kadinya, Aki jeung Nini Balangantrang beuki tambah bingung pacampur sieun. Sieun Ciung Wanara, anakna nu ngan hiji-hijina the diculik atawa dirogahala ku eta jalma asing tea.
            Kalawan teu disangka-sangka torojol Ciung Wanara datang dibarengan ku jalma asing anu taya lian ti Batman. Puguh bae pikeun Nini jeung Aki Balangantrang mah asa tambah reuwas. Tapi ari Ciung Wanara teu katara sieun atawa inggis ku eta jalma teh, malahan mah bangun anu layeut pisan. Ciung Wanara balaka ka nu jadi kolotna, yen manehna ngarasa atoh pisan bisa panggih jeung Batman, hiji tokoh idola barudak ngalalana ka mancanagara bari jeung susuganan manehna bisa jadi kakoncara sarta jadi tokoh idola barudak kawas Batman.
            Kahayang Ciung Wanara kitu teh teu disaluyuan ku Kolot Kampung, Nini jeung Aki Balangantrang. Ciung Wanara pada mapagahan, yen lamun manehna lunta ti eta lembur, meureun saha anu bakal ngurus hayam kameumeutna. Ahirna Ciung Wanara sadar kana naon rupa laku lampah anu salah, rumasa geus kagoda ku gurilapna kahirupan tokoh asing anu kakoncara, sarta boga niat hayang milu ngalalana ka mancanagara bari jeung susuganan bisa kakoncara kawas Batman.

            Cag ah!

Rabu, 20 Juni 2012

CONTO NASKAH UPACARA ADAT PANGBAGEA


1.      PROLOG
Batur jenuk mangka weruh
Balarea mangka waspada
Papayung agung mancuh saestu
Emban mapayang tandana naratas jalan
Kalayan nyebat bismillahirrohmanirrohim
Upacara mapag panganten dikawitan
(Goong 3 X)

2.      GENDING BUBUKA
(Boboyongan)
 3.      RAJAH LENGSER
Amit ampun nya paralun
ka gusti nu maha suci
Neda pangraksa pangriksa
Para abdi-abdi seni
Kulon wetan kidul kaler
Luhur handap tengah sisi

Pun sampun ua hapunten
Manawi tatamu saha
Rumaos ua leleda
Sakedap antosan heula ua munut kasalira
Seja ngebarkeun bewara ka sakumna balarea pun sampun
Kula ngebarkeun nu sumping
Tuh atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun bral miang geura papagkeun
Bur payung geura bukakeun
Bur payung geura bukakeun
Bur payung geura bukakeun

4.      PANGAPUNGAN
(Tari Payung)
Nya urang papantunan
Kumelendang jeung kalangkang..........Baheula
Baheula sapajajaran saprabu
Sabale gandrung
Nu gandrung kasunda tandang...........Urang
Urang nindang jejemplangan
Ngajemplang jemplingkeun diri
Ulah rek kabareurangan
Sipelung ngalingkung lembur
Pedang urang rarancagan
Rancag batan kuda lumpat
Tarikna ku dedegungan
Debat kabalae rancage........hayu diditu
Ngempur gumebyar
5.      LENGSER MIDANG
Kunang-kunang
Tuh wa lengser leumpang gandang mani ginding
Lir satria leumpang gandang seja midang
Totopongna condong udatna julat jalitrong
Kumisna ngaroyom teu beda jeung maung ompong

Dikampret ngelebet henteu weuleh rurat reret
Panona meletet bari reujeung kulat kelet
Leumpang bari dangah sieun pisan salah lengkah
Sakapeung balangah ampir tigebrus ka kulah

Batur-batur aya nu rek kajadian
Aya tatamu garinding
Aya menak nu garandang

6.      SUNGKEM LENGSER
PAPATET
Paralun lain mantunkeun
Lain ngabade badekeun
Palias kabina bina
Lain ngusik kula mandi
Maksad rek leumpang munggaran
Wiwitan seja lumampah
Mukakeun lalangse pipinding
Muka lawang kabagjaan

7.      CATRIK
HANJUANG
Pelakeun hanjuang siang
Tancebkeun handeuleum sieum
Dina jajantung urang duaan
Teundeun sampeureun mangsa rek datang

Pasangkeun subaya cinta
Kaitkeun pasini batin
Sina gumulung ngajadi hiji
Cangreud sing pageuh mangkade udar

Tembongkeun deudeuh kameumeut
Tepungkeun  rasa kanyaah
Sina gumulung ngajadi hiji
Geura prak simpay rasa duaan

8.      GENDING PANUTUP
(gambir sawit)
K
ang sukma amanatullah

NARASI SUNGKEM PATURAY TINEUNG

Anu ngantun mungguh rahayu,nu datang mangka waluya

NARASI SISWA:

BAPA,........IBU................,DINTEN IEU ABDI SUMANGGEM
DIPAYUNEUN BAPA SARENG IBU
MUNG SEG MANAH TIASA DI BUKA
NYAKSIAN LAMBEY NYARIOS,
BAPA IBU ASA SESAH ABDI NGANTUNKEUN
ASA SESAH KANGGO NGALENGKAH
ABOT KUSONO ,ABOT KUNYAAHNA
ABOT KU KADEUEUH, NETESKEN,KATRESNA,
NGATIK ... NGADIDIK,,TANWANGEN SANES KANTEN

BAPA, IBU,ABDI SADAYA NGARAOS YAKIN
KAHEMAN BAPA KALIH IBU WENING KU ASIH
SARENG KEUBEUK KU KANYAAH, ANU TAYA HIGGANA

BAPA, IBU.............
PILEULEUYAN – PILEULEUYAN, SAPUNYERE PEGAT SIMPAY
PATURAY PATEPANG DEUI

YA ALLAH.....PANGERAN ABDI SADAYA
MUNG DU’A TI BAPA KALIH IBU
HIRUP KUMBUH DI DUNYA SING RAWUH WALATRA
AMIN ...YA ..ALLAH YA...ROBALL ALAHIN


NARASI GIRANG PANGATIK ( BAPA KEPALA ............................................)

ANAKING ...................................................................
KIWARI NITIH WANCI, KATITIH KATARIK TULIS
AYEUNA ..HIDEP DI KAWAS TAMAT NA MANGSANA

GENEP TAUN ANU DITUNGGU
SAWATARA MANGSA ANU DIDAGOAN
KIWARI NGAJADI BUKTI
NGAJANGELEK POE NU HADE
HIDEP MUNGKAS MANGSA DIAJAR TLU TAHUN

PAMUNGKAS KATINEUNG HATE
BRAL ANAKING GEURA LEMPANG
GEURA LEUMPANG MAKALANGAN
GEURA IGELAN IEU DUNYA
ANU PINUH KU COBAAN

Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén


Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé

Assalamu’alaikum Wr. Wbr.

Ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos nyésakeun lolongkrang waktos kanggo simkuring, pikeun sasanggem dina ngabagéakeun kulawarga calon pangantén pameget. Rupina teu aya deui kecap nu langkung anteb kanggo ngébréhkeun rasa bagja jero dada, iwal ti tasyakur bini’mah, ngagalindengkeun puji miwah sukur ka Alloh SWT, anu tos ngalungsurkeun pirang-pirang nimat kanggo urang sadaya; nimat iman, nimat Islam, nimat dipaparin jagjag tur waringkas, dugi ka dina dinten anu sakieu cangrana, insya Alloh urang baris nyakséni ngadahupna Jang ............ Kadaluwarsa ka ,,,,,,,,,,,,,,,,,.

Alhamdulillah, pangersa Bapa Naib ti Kantor Urusan Agama parantos sumping. Mangga Pa Naib, calikna di payun, supados simkuring langkung reugreug. Sumuhun, sabada nyukruk galur pancakakina mah, geuning sareng Bapa Naib téh masih baraya. Kupungkur, simkuring kantos sakulah-sakolih sareng anjeunna di internaat, waktos sasarengan janten murid Sakola Normal. Kulan? Sumuhun, sanés internét, in-ter-naat. Upami ayeuna mah teu bénten sareng asrama.

Ku ditepangkeunana sareng Bapa Naib, asa tambih ngandelan kayakinan, réhna perkawis jodo, pati, bagja sinareng cilaka mah anging Alloh Anu Uninga. Bapa Naib nembé ngaharéwos, saurna, sanajan tos puluhan taun didamel di Kantor Urusan Agama, sanajan tos ratusan kali nyatetkeun anu panganténan, nanging berekah dugi ka danget ieu masih kénéh nyorangan. Kulan? Sumuhun, di dieu saurna nyorangan sotéh, da di bumina mah aya nu ngaréncangan.

Urang kantunkeun heula dongéng Bapa Naib. Badé langsung baé ngawaler patalékan ti sesepuh calon pangantén pameget, bilih aranjeunna gantung dangueun, bilih teu sabar nganti walonan. Mangkaning nembé nyorang lalampahan sakitu tebihna, sageuy upami diulur ku waktu téh. Pa ,,,,,,,, kitu deui wargi-wargi sanésna ti Kalimantan, Jang ,,,,,,, téh seja ditampi, sakali deui, seja ditampi binarung ku kabingahan.

Bapa ,,,,,, kalih Ibu, kitu deui wargi-wargi sadaya anu ku simkuring dipihormat,

Sanaos tos aya kedal ucap yén Jang ............. seja ditampi, nanging asa kirang payus upami sasanggem téh dicagkeun dugi ka dieu. Angot nguping sasauran ti sesepuh calon pangantén pameget sakitu ngagebayna. Étang-étang kaul wé ieu mah, ngiring bingah ka nu badé panganténan.

Upami disebat katempuhan buntut maung mah panginten kirang merenah, nanging kamari mah ditataharkeun pikeun biantara nampi calon pangantén téh nya pun lanceuk pisan, ,,,,,,,,,,,,,,,. Nanging sabada diémut deui ku anjeunna, sok inggis ébat dina waktosna. Bilih dumadakan geumpeur, malum nembé pisan badé diajar janten mitoha. Kalih perkawis tos aya babadiamian ti anggalna, upami nu nyérénkeun pangantén katingalna jangkung badag, seja dilawanan ku nu langsip baé. Nya simkuring anu katempuhanana, da rumaos pangbegangna.

Hadirin anu dipihormat,

Simkuring asmana kulawarga Bapa Among, kantenan ngarasa bagja binarung reueus, réhna anu dianti-anti ti kamari, ditungguan ti mangkukna, ayeuna teu burung cunduk. Sumuhun, ari melangna mah nataku, bilih aleutan ti Kalimantan kumaha onam di jalan, mangkaning saurna lalampahan ti Samarinda ka Bandung téh dugi ka opat dinten opat wengi.

Néng Siti mah tos kantenan, guling-gasahan ti kamari kénéh. Bet ngimpleng nu lain-lain cenah, kumaha mun Jang ,,,,,,,,,, katiruk jajantung ku pramugari kapal cai, dugi ka bolay niatna. Énggal baé dibeberah, masing yakin cék simkuring téh, Jang ,,,,,, mah teu aya watek cunihin. Ayeuna mah, Nyai, geus teu jaman ngeleyed téh. Jaman bruk-brak, jaman jujur, henteu sumput salindung. Na ari gantawang téh pun lanceuk nyeukseukan, “Aéh-aéh, naha ceuk saha Akang cunihin, ceuk saha Akang ngeleyed?” kituna téh bari muril-muril kumis.

Sumuhun, seja nguningakeun baé, wiréh pun lanceuk mah ceplak pahang, upami sasauran téh tara didingding kelir. Nu mawi, titip baé ka Jang ,,,,,,,,,,, teu kénging soak upami engké Pa Among muncereng, da tos kitu pasipatanana. Teu kénging inggis ku kumis, da haténa mah sakitu léahna. Nanging, apan ayeuna mah sanés jaman Si Kabayan, tos kedah teu usum mitoha paséa sareng minantu téh. Sanés kitu, Kang Among? Sanés saurna téh.

Hadirin anu dipihormat,

Kantenan, kawitna mah Kang Among ogé teu kinten hélokna, basa uningaeun Néng,,,,,,gaduh beubeureuh dina internét. Saurna téh: “Teu kaharti ari barudak ayeuna. Naon resepna bobogohan jeung nu teu puguh bungkeuleukanana, piraku rék ngagaléntoran aksara? Jeung nu ngajirim wé atuh Nyai, tuh aya ,,,,,,,,,,,, ngan ulah wé ari jeung Ceu ,,,, mah.”

“Kang ,,,,,,,, téh nyaaheun pisan …” sanggem pun alo.

“Nyaaheun kumaha, tepung gé acan. Weléh teu kaharti ku kolot mah, sakalian wé atuh kawin téh jeung komputer.”

Ah, da kitu geuning pun lanceuk mah.

Nanging, saparantos panjonghok, geuning teu burung ngarepok. Reugreug simkuring téh, najan jodona urang Kalimantan, tapi apan enas-enasna mah apan masih kénéh urang Sunda. Masih kénéh maké basa Sunda. Masih kénéh ngamumulé budaya Sunda. Simkuring panuju pisan kana kasauran sesepuh calon pangantén pameget. Leres barudak téh digedékeun dina jaman anu tos béda, nu disebat modéren téa, nanging reueus naker upami masih émut ka titipan karuhun mah.

Hadirin anu dipihormat,
Pamaksadan Bapa ,,,,,,,, téh geuning pertéla pisan. Nguping niat anu sakitu ihlasna, sageuy upami simkuring sareng pun lanceuk ngamomorékeun. Perkawis Jang ,,,,,,, anu magar seueur kakirangan, ah, da apan jalma mah teu aya nu sampurna. Tong boroning barudak anu nembé badé diajar rumah-tangga, dalah anu tos puluhan taun, sapertos simkuring, ari pacogrégan mah sok aya baé. Sawangsulna Si Nyai, eukeur mah ogoan, katambah babarian, belikan, teu sabaran, Jang ,,,,,,,, gé langkung uninga panginten. Hapunten pisan upami Néng ....... kirang pangaweruh dina ngawulaan carogé. Nyanggakeun ka Jang ,,,,,,,, kanggo ngalelempengna.
Sumpingna kulawarga Jang ,,,,,,,,anu magar teu nyandak munding-munding acan, teu janten émutan pikeun simkuring mah. Sanaos tadi ku simkuring katingal aya nu nyandak soang dua jodo. Ku kasumpinganana gé, simkuring tos pirang-pirang ngahaturkeun nuhun.
Mugia sabada diwalimahan, Jang ,,,,,,,, sareng Néng ,,,,,,, janten kulawarga anu runtut-raut sauyunan. Sing manjang laki-rabina, dipaparin putra anu soléh, geusan ngahontal kabagjaan dunya rawuh ahérat.

Sakitu nu kapihatur.
Billahi taufik walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wbr