Senin, 10 Juni 2013

Conto Naskah Biantara Basa Sunda


NYUKSESKEUN WAJIB BELAJAR

Assalamu’alaikum Wr.Wb.                                                                                                
Para wargi saderek sadaya anu dipihormat…….!                                                         
Langkung ti payun sumangga urang sami-sami manjatkeun puja sinareng puji ka Gusti Nu Maga Suci, anu parantos masihan rupi-rupi kani’matan ka urang sadayana, sholawat sinareng salm mugi salamina dikucurkaeun ka Kangjeng Nabi Muhammad S.A.W. oge ka para kulawargana, sohabatna sareng kaum muslimin muslimat anu salamina tumut kana ajaran manten-Na.
Hadirin anu sami-sami rawuh ……..!


Dina danget ieu sim kuring seja ngaguar hiji pedaran ngeunaan tarekah nyukseskeun Program Wajib Belajar. Anu numutkeun sim kuring mah ieu pedaran teh kalintang peryogina pikeun ngawujudkeun bangsa anu maju, subur sareng makmur. Margi hiji nagara moal tiasa ngaronjat atanapi maju saupamina jalmi-jalmina teu gaduh elmu pangaweruh atanapi barodo. Tah salahsawios cara sangkan jalma-jalma tiasa ngagaduhan elmu pangaweruh taya lintang ti kedah sakola. Kukituna ngalangkungan ieu acara sim kuring cumeluk ka dulur-dulur anu ayeuna teuacan sarakola, hayu urang sarakola meungpeung pamarentah ngabebaskeun kana sagala rupa waragad ku ayana BOS tea.
Para wargi saderek sadaya ……….!                                                                                  
Rupina pedaran ti sim kuring dicekapkeun dugi ka dieu bae, jalaran ksengker ku waktos. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah, sareng hatur nuhun kana sagala rupi perhatosannana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar