Senin, 14 Mei 2012

Kumpulan Paparikan - Silih Asih


Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina

Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi

Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna

Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur

Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana

Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan

Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun

Kembang goyang jeung érmawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang réa kakelar
tagiwur teu genah cicing

Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh

Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah téténjoanana

Majar manéh nganyam samak
neukteukan bari motongan
Majar manéh néang anak
ngadeukeutan popotongan

Meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur

Ngala antanan ka jami
cau emas tengah huma
Kahayang ulah rék lami
geura unjukan ka Ama

Ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari
baringung pikir mangpaung
ati ceurik jeung rarisi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar