Senin, 14 Mei 2012

Wawangsalan Lanjaran


Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi
[=kapal udara]
Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan
[=séro]

Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih
[=eurih]
Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri
[=areng]

Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit
[=elos]
Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug
[=tajug]

Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak
[=bayawak]
Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi
[=merak]

Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi
[=camar]
Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik
[=akik]

Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi
[=mengi]
Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung
[=tipung]

Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap
[=gelap]
Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin
[=sekin]

Bedug wedalan Eropah
abdi teu asa dipuji
[=tanji]
Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi
[=oray]

Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita
[=kareta]
Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui
[=darma]

Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi
[=ali]
Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan
[=amismata]

Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta
[=timah]
Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli
[=gulali]

Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti
[=roti]
Buah kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil
[=caruluk]

Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis
[=halis]
Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin
[=gelas]

Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha
[=toké]
Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti
[=lasun]

Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh
[=]
Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami
[=almenak]

Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri
[=(cau) bagja]
Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih
[=enggih]

Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi
[=panglay]
Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing
[=mantéga]

Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana
[=duri]
Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti
[=kasur]

Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim
[=lém]
Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing
[=hampelas]

Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya
[=kararas]
Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari
[=Januari]

Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan
[=téwok]
Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani
[=Cikuray]

Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli
[=gulali]
Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung
[=payung]

Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing
[=malim]
Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati
[=cécéndét]

Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik
[=balik]
Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai
[=ager]

Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri
[=langari]
Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih
[=gigih]

Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding
[=gumading]
Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan
[=munara]

Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati
[=kapal (cai)]
Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla.
[=kapal (cai)]

Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit
[=rumah sakit]
Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati
[=meri]

Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri
[=meri]
Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri
[=puyuh]

Hiris ngora deungeun sangu 
abdi mah kapok téh teuing [=kapokan]
Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing
[=kamayung]

Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah
[=langgar]
Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela
[=kapal (cai)]

Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu
[=kutu]
Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi
[=kararas]

Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi
[=pagi]
Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping
[=emping]

Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri
[=kitri]
Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring
[=pasaran]

Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami
[=semi]
Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana
[=cara]

Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih
[=eurih]
Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris
[=hiris]

Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati
[=gemet]
Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring
[=jaat]

Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak
[=bayawak]
Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis
[=keuyeup]

Kalapa bakalan minyak
nu ampuh titis raspati
[=cipati]
Kalong leutik saba gedang
sumedot rasaning ati
[=cocodot]

Kararas daun kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun
[=barangbang]
Kasintu di sisi situ
nu hayang kawanti-wanti
[=]

Kauntun tipung katambang béas
laksana meunang ijasah
[=laksa]
Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji
[=sawah]

Kembang biru di astana
abot pisah jeung kakasih
[=salasih]
Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran
[=jeruk]

Kembang jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi
[=mayang]
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati
[=bedug]

Kertas kabur kaanginan
kumalayang pipikiran
[=langlayangan]
Ketuk leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing
[=bonang]

Keuyeup gedé saba laut
teu hadé liar ti peuting
[=kapiting]
Koja awi dihuaan
sageuy lamun teu kasorang
[=korang]

Kokotor saluar awak
da sanés rek hiri dengki
[=daki ]
Kota kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi
[=]

Kulit teuas tungtung ramo
baku osok nganyenyeri
[=kuku]
Kuring mah kabedil langit
da puguh matak kalinglap
[=gelap]

Kuring téh kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan
[=]
Kutu baju kuar sinjang
moal weléh tumarima
[=tuma]

Lahang abri dibotolan
ningal anu suka galih
[=cuka]
Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit
[=reungit]

Lampu leutik tengah imah
abdi samar méré idin
[=damar]
Lamun kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik
[=bilik]

Lancah cai di walungan
engkang teu émut ka abdi
[=engkang-engkang]
Langgir cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna
[=keuyeup]

Lauk panjang dina parung
ari émut merod pikir
[=berod]
Lauk rebing saba laut
karikari jalir jangji
[=pari]

Manuk apung saba eurih
haté asa didudutan
[=dudut]
Manuk hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik
[=galatik]

Manuk lindeuk di buruan
kuring bati panas ati
[=japati]
Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan
[=jago]

Manuk renggé saba ulam
hayang tepi ka ngajadi
[=caladi]
Manuk tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi
[=puyuh]

Maung tutul saba kasur
diri teu ngareunah cicing
[=ucing]
Méga beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran
[=layung]

Melak bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri
[=nebar]
Mencek leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan
[=peucang]

Meri pendék ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi
[=éntog]
Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna
[=lutung]

Mun inget mangsi Malayu
anjeun téh cinta ka kuring
[=tinta]
Mun jagan kadadar tipung
upami kagungan rabi
[=surabi]

Nganyam bola jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun
[=ninun]
Nu dahar taya sésana
ngan asa dipoyok badis
[=ledis]

Nu gering geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui
[=mamayu]
Nu nutu miceun huutna
Mun awon moal ditampi
[=napi]

Nya buah ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati
[=ganas]
Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih
[=ngijih]

Nyeupan sangu tacan timus
teu sanggup manggihan deui
[=gigih]
Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi
[=nguyang]

Nyiru gedé wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir
[=tampir]
Nyiruan genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting
[=papanting]

Pangcalikan tonggong kuda
kudu satia buméla
[=sela]
Paparem ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi
[=ragi]

Paribasa petis Cina
hayang nepi ka cacapna
[=kécap]
Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri
[=nulis]

Péso patok kewung tungtung
hayang kapiajang teuing
[=rejang]
Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin
[=sekin]

4 komentar: