Senin, 14 Mei 2012

Wawangsalan Dangding


Asmarandana
Réa sisit lain peusing
kandel bulu lain hayam
awakna pinuh ku panon
kukuncungan lain merak
nya beureum lain hideung
buntutna ngacung ka luhur
paranas nya pipikiran (danas/ganas)

Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
babaku ngapungna peuting
kuriling kakalayangan
malingan nu amis-amis
sarupaning bungbuahan
naon baé nu kapanggih
Ari beurang ngagarantung
pinuh dina dahan kai
disada kokoréakan
cik hempék ku hidep pikir
nu kitu naon ngarana
lolong lamun teu kapanggih (kalong)

Sinom
Aya hiji rupa kembang
raranggeuyan tapi leutik
rupana bodas kacida
matak lucu liwat saking
hanjakalna teu seungit
lamun ku urang diambung
kitu sotéh ti beurang
ari seug munguh tipeuting
sumélémbér nyambuang sapakarangan (anggrek japati)




Tidak ada komentar:

Posting Komentar