Rabu, 20 Juni 2012

CONTO NASKAH UPACARA ADAT PANGBAGEA


1.      PROLOG
Batur jenuk mangka weruh
Balarea mangka waspada
Papayung agung mancuh saestu
Emban mapayang tandana naratas jalan
Kalayan nyebat bismillahirrohmanirrohim
Upacara mapag panganten dikawitan
(Goong 3 X)

2.      GENDING BUBUKA
(Boboyongan)
 3.      RAJAH LENGSER
Amit ampun nya paralun
ka gusti nu maha suci
Neda pangraksa pangriksa
Para abdi-abdi seni
Kulon wetan kidul kaler
Luhur handap tengah sisi

Pun sampun ua hapunten
Manawi tatamu saha
Rumaos ua leleda
Sakedap antosan heula ua munut kasalira
Seja ngebarkeun bewara ka sakumna balarea pun sampun
Kula ngebarkeun nu sumping
Tuh atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun bral miang geura papagkeun
Bur payung geura bukakeun
Bur payung geura bukakeun
Bur payung geura bukakeun

4.      PANGAPUNGAN
(Tari Payung)
Nya urang papantunan
Kumelendang jeung kalangkang..........Baheula
Baheula sapajajaran saprabu
Sabale gandrung
Nu gandrung kasunda tandang...........Urang
Urang nindang jejemplangan
Ngajemplang jemplingkeun diri
Ulah rek kabareurangan
Sipelung ngalingkung lembur
Pedang urang rarancagan
Rancag batan kuda lumpat
Tarikna ku dedegungan
Debat kabalae rancage........hayu diditu
Ngempur gumebyar
5.      LENGSER MIDANG
Kunang-kunang
Tuh wa lengser leumpang gandang mani ginding
Lir satria leumpang gandang seja midang
Totopongna condong udatna julat jalitrong
Kumisna ngaroyom teu beda jeung maung ompong

Dikampret ngelebet henteu weuleh rurat reret
Panona meletet bari reujeung kulat kelet
Leumpang bari dangah sieun pisan salah lengkah
Sakapeung balangah ampir tigebrus ka kulah

Batur-batur aya nu rek kajadian
Aya tatamu garinding
Aya menak nu garandang

6.      SUNGKEM LENGSER
PAPATET
Paralun lain mantunkeun
Lain ngabade badekeun
Palias kabina bina
Lain ngusik kula mandi
Maksad rek leumpang munggaran
Wiwitan seja lumampah
Mukakeun lalangse pipinding
Muka lawang kabagjaan

7.      CATRIK
HANJUANG
Pelakeun hanjuang siang
Tancebkeun handeuleum sieum
Dina jajantung urang duaan
Teundeun sampeureun mangsa rek datang

Pasangkeun subaya cinta
Kaitkeun pasini batin
Sina gumulung ngajadi hiji
Cangreud sing pageuh mangkade udar

Tembongkeun deudeuh kameumeut
Tepungkeun  rasa kanyaah
Sina gumulung ngajadi hiji
Geura prak simpay rasa duaan

8.      GENDING PANUTUP
(gambir sawit)
K
ang sukma amanatullah

5 komentar:

  1. Aduh kang mani waas emut mangsa katukang. Langkung sae pami aya video na atanapi mp3 supados barudak kiwari terangeun. Hatur nuhun

    BalasHapus
  2. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  3. hatur nuhun pisan
    salam ti abdi ti smk seni salaka domas, cipanas-cianjur

    BalasHapus
  4. Aduh sae kang salam ti abi ti smki

    BalasHapus