Sabtu, 23 Juni 2012

GALINDENG KABUNGBULENGAN (Kumpulan SMS ti hiji Sastrawati )


Dina iuh-iuhna kota Bandung
Dina kalangkangna kota Lembang
Sajarah muka carita,

(Cek manehna : dina SMS)
Teu kenging penggas harepan
Dinten enjing balebat pasti nembongan
Sumirat masih tetep marengan

Naha mega teu bisa nyingray ….?
Usum aya gantina
Eta geus pasti
Teu mustahil kajadian

Angina teuing ku lirih
Ngusap, ngendag-ngendag
Nu nyamuni
Dina rindatna soca
Tapi da tetep
Moal ngolembar

Urang napak di jalan sewang-sewangan
Urang tepung di jalan pasampangan
Naha teu bisa malih warni
Bari ajeg miara nu geus aya
Naon nu dirempak
Da ngan sakadar gerentes

Waktu urang tungguan
Ngajadi buah atawa ngarangrangan
Urang teu bisa nganjang
Ka poe isukan

Hanjakal nya…..,
Urang teu tiasa laluasa
Ngamalirkeun nu ngagalura
Na jero dada
Da aya wates nu teu bisa dirempak
Tapi getering rasa mah
Moal tiasa dihalangan

( ceuk anjeun : masih keneh dina SMS
nalika rek paturay…..)
Isukan balebat anyar
Tapi kalangkang kamari 
Bakal terus ngalimpudan
Eta geus pasti….!
Naha diri bet katalimbeng,
Dina umpalan sagara kahayang
Nu hamo tinekanan
Linglung….!

(SMS anjeun : nalika tos mulang)
Warna beureum saulas
Ngudat,
Ngusap bulan kulawu,
Mepende manjing sareupna
Raong kongkorongok,
Luak-lieuk euweuh sasaha
Balik deui kana sagara simpe
Deudeuh…….!
Urang teu tiasa nganjang ka pageto,
Panonpoe masih sumirat
Hirup masih aya harepan
Ku naon pondok harepan…?

Aya kalangkang nyangsang
Marengan saban renghapan
Minuhan saban rohangan

Aya rasa kahanjakal,
Naha urang pateuteup
Dina wanci geus reupreupan
Rasa katideresa
Teu walakaya….!
Naha lolongkrang bet nonggerak
Dina mangsa urang paanggang
Aya kahayang pikeun ngadongkang
Ngan kudu kumaha pipetaeun
Bingung ……!
Mapay hambalan rasa
Sugan jeung sugan
Aya nu bisa meper
Galindeng katresna
Kalah beuki momotan,
Kudu kumaha atuh kuring……?
Kabungbulengan…….!

(cek anjeun : bari ngalimba dina SMS)
Kang ceboran malati teh
Sanajan teu make pot
Niscaya bakal lana
Ngadalingdingkeun tembang kasmaran
Sanajan sakadar harewos
Ti jauhna
Kade nya….!

(SMS tengah wengi)
Wengi ieu ,
Tunggara teh asa tambah rosa
Sirung-sirung katresna
Morontod jadina
Moal dipiteskeun
Sanajan moal sina jadi buah
Keun…, sina jadi kembang katineung
Nu mere gurat endah
Di jalan hirup abdi
Nu pasti …..!
Ayeuna aya hate
Nu keur tipepereket
Nahan galura rasa
Nu mehmehan bedah

( waktos anjeun ditaros, :
naha pami ……………. )
Ngahaja,
Minangka hiji tarekah
Kanggo meper
Nu nembragan dada
Nu dijurung karumasa
Nu tos nyoro alas batur
Ari kahoyong mah
Unggal menit anjeun nepamgan …!

Kadang aya rasa kasieun
Sieun kaleungitan
Tapi sok kasilih kukasadaran
Anjeun hamo kadongkang
Anjeun saha, abdi saha
Tapi najan urang pamohalan ngahiji
Pamugi ulah laas
Panuhun…..!

(SMS wanci balebat)
Geura gugah …….!,
Urang papag balebat
Sugan jeung sugan
Manggih kabagjaan
Sanajan ukur kalangkang…!

Wilujeng enjing….!
Wengi tadi abdi ngimpen
Tepang jeung salira
Duh bagjana…,
Kantenan pami enyaan

Bulan tumanggal kulawu
Kungsi ngolembar
Bongan udagan ukur riwan
Kamelang, honcewang
Kasiih asih nu meulit
Ngaraga sukma
Bongan saha ……..?

Angin  peuting,
Hiliwirkeun hariring kuring
Nu midangdam taya sudana
Ka hiji ngaran
Nu teuing di mana
Pang bejakeun
Didieu aya nu hayang balaka
Ngaguar eusining rasa

Nyeri beuheung sosonggeteun
Ngantos harewos
Nu cenah bade didalingdingkeun
Ku angin peuting
Geuning ukur lalambe
Pangbebenjo
Pikir nu rungsing…..!

Cenah :  (ceuk anjeun dina SMS)
Sirung tong dipeunggaskeun
Keun sina rekah baranahan
Tapi naha …….
Bet aya kacangcaya ..?
Sanajan sugan jeung sugan
Urang sorang ku harepan …!

Lalambe ti salira,
Palias ukur panyombo
Moekan ati nu pinuh kahayang
Teu masalah,
Jadi tempat pangreureuhan
Asal ulah
Jadi tempat pangulinan
Nu bakal ditinggalkeun
Mangsa hanaang, ilang
Hariwanmg ……!

Bulan sapasi ,
Imut mani kareueut
Bentang tingburilak
Ngeletan rasa
Pangacian ngalayang
Ngawang-ngawang
Duka ka mana …!

Aya keclak cimata bagja
Nalika anjeun
Ngajanggelek lain na riwan
Meubeut meulit
Ngaraga sukma
Beuki bumetah
Dina lelembutan
Sanajan teu weleh ditoelan
Karumasaan ……!

Cag ah ……
Tos cape mapay laratan,
Galindeng kabungbulengan
Urang pungkas
Lekasan ………….!

2 komentar:

  1. Haduh maksadna naon kang :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. rupina eusi tina ieu carita teh nyaeta nyaritakeun dua insan nu keur kakeunaan ku rasa asmara, hampir sami haartosna sareng babasaan ieu "satu hari tak beertemu bagaikan satu tahun tlah berlalu"

      Hapus