Rabu, 20 Juni 2012

PROLOH KANGGO SUNGKEM


Siswa :
Ibu/Bapa . . . Jasa ibu/bapa samudayana, lir jaladri tanpa tepi, lir gunung tanpa tutugan, matri dina sanubari, mancuh dina lelembutan,piwuruk miwah atikan kasuhun katampi pisan. Bapa . . . genep  taun sadayana sasarengan, tinangtos seueur kaleupatan sinareng kaluluputan, samemeh abdi sadayana lunta, abdi neda dihapunten tina galih nu wening, tina manah anu setra taya geuneu melekmek estuning clik putih clak herang.Bapa . . . dinten ieu abdi pamit, mungkas mangsana atikan, pidua anu diteda gesan lunta nyiar luang, atikan anu langkung jembar.Pileuleuyan bapa, Ibu guru anu heman, pileuleuyan-pileuleuyan paturay patepang deui.
Guru :
Anaking . . . kalayan clak putih clak herang, caang bulan opat belas,najan teu penta tong salempang tong hariawng, bapa ngahampura pisan. Anaking . . . samet dieu bapa jajap, poma ulah leutik hate, palias bapa lain teu melang ngan doa bapa tetep marengan hidep sadaya. Bral anaking geura tandang, cruk-cruk elmu nu luhung nyiar luang keur patandang, elmu nu luhung kasakti diri, hirup hurip muga  mulus, pait daging pahang tulang. Ngan mihape ceuli jeung mata,jaga diri, kulawarga jeung lembaga.Bral geura papag poe nu bakal datang, ulah beueus ku diteuteup, ulah keueung ku disorang, pancegkeun hate jeung kaimanan. Pileuleuyan anaking pileuleuyan . . . bral hidep geura miang, geura tandang makalangan pikeun nyungsi pangarti nu leuwih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar