Jumat, 22 Juni 2012

NASKAH GENDING KARESMEN



Judul              : CIUNG WANARA KAGODA

Tema            : Urang ulah gampang kagoda ku gurilapna budaya asing anu can karuhan bisa saluyu jeung budaya urang sorangan.
Sapitna ( Sinopsis )

            Kocapkeun di hiji lembur, jalma – jalma ngarasa honcewang sabab aya jalma asing ngaliwat. Kokolot kampong di eta lembur riweeuh cakah – cikih ngabejaan sakabeh warga sangkan salawasna caringcing, sabab saha anu nyaho cenah eta jalma teh mata – mata ti nagara deungeun anu boga niat rek ngacowkeun.
            Masih keneh di eta lembur, Nini jeung aki balangantrang keur bingung lantaran Ciun Wanara anakna can balik keneh bae. Atuh barang ngadenge beja aya jalma asing kadinya, Aki jeung Nini Balangantrang beuki tambah bingung pacampur sieun. Sieun Ciung Wanara, anakna nu ngan hiji-hijina the diculik atawa dirogahala ku eta jalma asing tea.
            Kalawan teu disangka-sangka torojol Ciung Wanara datang dibarengan ku jalma asing anu taya lian ti Batman. Puguh bae pikeun Nini jeung Aki Balangantrang mah asa tambah reuwas. Tapi ari Ciung Wanara teu katara sieun atawa inggis ku eta jalma teh, malahan mah bangun anu layeut pisan. Ciung Wanara balaka ka nu jadi kolotna, yen manehna ngarasa atoh pisan bisa panggih jeung Batman, hiji tokoh idola barudak ngalalana ka mancanagara bari jeung susuganan manehna bisa jadi kakoncara sarta jadi tokoh idola barudak kawas Batman.
            Kahayang Ciung Wanara kitu teh teu disaluyuan ku Kolot Kampung, Nini jeung Aki Balangantrang. Ciung Wanara pada mapagahan, yen lamun manehna lunta ti eta lembur, meureun saha anu bakal ngurus hayam kameumeutna. Ahirna Ciung Wanara sadar kana naon rupa laku lampah anu salah, rumasa geus kagoda ku gurilapna kahirupan tokoh asing anu kakoncara, sarta boga niat hayang milu ngalalana ka mancanagara bari jeung susuganan bisa kakoncara kawas Batman.

            Cag ah!

1 komentar: