Kamis, 24 Mei 2012

Kakawihan Barudak Lembur


ORAY-ORAYAN
Oray-orayan,
luar leor mapay sawah Entong ka sawah,
parena keur sedeng beukah Mending ka leuwi,
di leuwi loba nu mandi Saha anu mandi,
anu mandina pandeuri

AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung Gung goongna rame
Menak ki Mastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng

EUNDEUK-EUNDEUK CANG
Eundeuk-eundeu cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki

JALEULEU
Jaleuleu ja tujaeman gog
Seureuh leuweung bay Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong Ngek ngek!

KALONGKING
Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling
Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu sapeuting

BANGBANG KALIMA GOBANG
Bang kalima-lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahey tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun tujuh hiji ji
Haji tas ti Mekah kah
Kahar dua rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam
Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Nganteur anu kawin win
Winta dagang oncom com
Comel kanu gelo lo
Lodong kosong ngentrung tung
Tunggir hayam bikang kang
Kangkung meunang meuli li
Lili lewungit konci ci
Ciak anak hayam!

PUNTEN
Punten mangga Ari ga,
gatot kaca Ari ca,
cau ambon Ari bon,
bonteng asak Ari sak,
sakit perut Ari rut,
rujak asem Ari sem
sempal-sempil Ari pil,
pilem rame Ari me,
meja makan Ari kan,
kantong kosong Ari song,
songsong lampu Ari pu,
puak-paok Ari wok,
wok candewok

OLE-OLE OGONG
Ole-ole ogong
Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong Au-au eheng
Beuleum cau tutung geheng
Embe-embe domba Anak sapi tutunggalan

TOKECANG
Tokecang-tokecang Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun kacang Sapendil kosong

TRANG-TRANG KOLENTRANG
Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan

5 komentar: