Minggu, 21 September 2014

WAWANGSALAN



Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Contona wawangsalan :
A
Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma)
Abdi tehkapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin)
Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah pikir (pengis)
Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu)
Aya nu dianjing cai, aya nu diheroan (sero)
Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis (ngoyok)
Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari (bodo)
Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih (pulus)
Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi (lompong)
Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati (walimah)
Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung  (iwung)
Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan  (séro)
Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal (udara)
Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih (eurih)
B
Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit (elos)
Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik)
Beas ditutuan deui, iraha bisa patepung (tipung)
Belut sisit saba darat, kapiraray beurang peuting (oray)
Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta)
Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui (damar)
Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali (ali)
Beuying leutik simkuring mah, ari ras sok cimataan (amismata)
Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti)
Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin (pitu)
Buntut jarum pangaputan, bati kelar teuing pikir (kukular)
Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri (areng)
Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit (elos)
Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug  (tajug)
Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak (bayawak)
Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi (merak)
Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi (camar)
Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi (mengi)
Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap (gelap)
Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin (sekin)
Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui (darma)
Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji (tanji)
Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta  (timah)
Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli  (gulali)
Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti)
Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil  (caruluk)
Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis  (halis)
C
Careuh beureum pasawahan, tur dusun leuwih ti misti (lasun)
Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu)
Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak)
Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay)
Cinyusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing (mantega)
Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin (gelas)
Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha (toké)
Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami (almenak)
Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau (bagja)
Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih (enggih)
Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing (mantéga)
D
Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim (elim)
Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas)
Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok)
Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray)
E
Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet kana ati (serendet)
Engkang teh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (lamun)
Estu dipalupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik)
G
Gagang atah keur lumayung, engkang jelema ginding (gumading)
Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara)
Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit (rumah sakit)
Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip)
H
Hayam Cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati (meri)
Hayam sawah dipiara, abong nu apes ka diri (meri)
J
Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagea sumping (emping)
Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara)
Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih)
K
Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati (kacang gamet)
Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat)
Kadeuleu langgir caina, kayap keyep anu geulis (keuyeup)
Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (cocodot)
Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun (barangbang)
Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih)
Kembang biru munggeng kubur, mugi engkang welas asih (solasih)
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (korang)
Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang)
Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima (tuma)
Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi (bangbara)
L
Lampu tilu damar dua, moal ngarancabang pikir (lampu cabang)
Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keyepna (keuyeup)
Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir (berod)
M
Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut)
Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik (galatik)
Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi)
Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh)
Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran)
Mencek leutik saba alas, abdi sanggem ngarencangan (peucang)
Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing)
Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung)
Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (surabi)
Mun yaktos mangsi Malayu, anjeun teh cinta ka kuring (tinta)
N
Ngan bati ngajahe leuweung, nya pikir puyang-payengan (lampuyang)
Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting)
Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir lampir (tampir)
P
Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap)
Peso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (tulis)
Peso petok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing (kujang)
Peuteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir)
Piring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas)
Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina)
Puter putih saba lembur, engkang seja bela pati (japati)
R
Rebab jangkung di pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa)
Reregan sabudeur imah, kasangsara siang wengi (kasang)
Ruas awi dirorekan, pikir asa selang seling (suling)
S
Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis (lele)
Sieun teu kapancar-kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung)
Sieun teu kauntun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa)
Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ku abdi (papatong)
Sok matak kapiring leutik, matak isin diri kuring (pisin)
Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (curuluk)
Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih)
T
Tangkal pare parungpungan, kudu ka pada utami (jarami)
Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut (simeut)
Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang (hayam)
Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon)
Teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah)
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)