Senin, 16 September 2013

Rumpaka Kawih "Cimata Kuring"

Cipt : Yus Wiradireja
Duh layung ngempur
Titiran kurung di gunung
Ngagalindeng lagu gandrung
Apan eta sora urang
Nembangkeun asih kasmaran
Apa eta sora urang
Nu eling na panineungan

Duh hiliwir angin
Nyingraykeun kembang arusik
Ngageterkeun lelembutan
Apan eta batin urang
Nu eling silih longokan
Apan eta batin urang
Nu sono silih longokan

Basa langit geus reupreupan
Nu gandrung kasilih liwung
Aya sora rarandegan ngaharewos
Halon pisan
Nu miang taya raratan
Basa peuting simpe jempling
Baluweng leungit hariring
Hujan ngeclak sapeupeuting
Caina cimata kuring, cimata kuring

7 komentar:

  1. simkuring peryogi pisan mp3 na ,, manawi admin nyondong nyungkeun link na.. haturnuhun

    BalasHapus
  2. Abdi ge peryogi mp3 na atanapi manawi aya piriganana wungkul

    BalasHapus
  3. Sampurasun, Kang punten eta th sanggian rumpaka Ubun R. Kubarsah, sanes Yus Wiradiredja. pak Yus Wira mah sebagai vokalisna.. datana aya di abdi, abdi gaduh Mp3 na.. pamugi eta cipt. na tiasa direvisi. Hatur nuhun, salam!

    BalasHapus
  4. Hatur nuhun Kang Sukma kanggo rumpakana.

    BalasHapus
  5. Hatur nuhun rumpakana kang sukma

    BalasHapus
  6. Upami anjeun maca dinten ayeuna, anggap diri anjeun jalma anu untung sabab anjeun moal nyanghareupan kamunduran naon waé pikeun méréskeun masalah anjeun. Kuring ditipu ampir $ 30,000 sateuacan kuring tungtungna pendak sareng pembantuku Dr Ayo, lalaki anu kuring hoyong nikah cenah urang kedah tetep reureuh yén anjeunna bogoh ka mantan kakasihna, anjeunna ninggalkeun bumi sareng urang leungit kontak, éta sapertos impian pikeun kuring saatos 6 bulan henteu ngupingkeun anjeunna, kuring kedah terang naon anu saleresna kajantenan sabab héran sareng kami henteu salah paham, dina prosés milari bantosan kuring ditipu ku rupa-rupa mantra mantra palsu tapi abdi untung mendakan kontak Dr Ayo online nalika kuring ngeunaan nyerah dina usaha kuring. Kuring ngajelaskeun sorangan ka Dr Ayo sareng anjeunna ngalakukeun bacaan sateuacan ngawartosan naon anu kedah dilakukeun, kuring nuturkeun paréntahna sareng dinten ieu kuring bagja nikah ka lalaki kuring sareng kami ngarepkeun orok munggaran kami. Anjeun tiasa ngahubungi Dr Ayo pikeun jasa spiritual na dina Whatsapp + 2347055691377 atanapi Email: drayo47373@gmail.com

    BalasHapus