Senin, 16 September 2013

Rumpaka Kawih Panambih "Duriat Teu Sarasa"

Cipt : Mang Bakang


Nete akar ngeumbing jangkar
Nanjakna jalan satapak
Nyalayakeun pikir
Sugan lalugina pikir
Niiskeun panasna hate
Direraban kumanehna- gelenyu
Anu tega kaliasan
Ngan kunaon duriat teu daek milu
Keukeuh beurat kamanehna
Duriat nu teu sarasa- gelenyu
Cangreudna teu weleh pageuh
Meungkeut kuring jeung manehna

Ngumbar lamunan nyorangan
Dina iuh iuh rungkun
Bari nyawang kingkilaban
Badis anu ngagupayan
Meuli-meuli nu keur nyeri
Ceuk aral mah hayang ajal
Asa peunggas pangharepan
Na kunaon duriat teh teu sarasa
Matak sumeleket hate
Nalangsa dilara lara
Peurih asa diturih
Cing angin pang niupkeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar