Senin, 16 September 2013

Rumpaka Kawih "Sulaya Jangji"

Cipt : Mang Koko
Hanas diri bungah ati nganti jangji pasinina
Harianeun pasini pegat di jalan duh geuning
Balukarna tina asih malih warni jadi peurih
Impian biheung ka sorang hariring ati nu kingkin
Boro diri suka ati nganti jangji ti kamari
Teungteuingeun pasini sapat sapisan duh geuning
Balukarna tina nineung malik warni jadi keueung
Harepan samar ka teang palias dada nu raca
Harepan samar laksana haleuang dada nu raca
Duh ka saha nya diri ngumaha nyalindung
Kasaha kudu midangdam titip diri sangsang badan
Da ngan ieu mangrupa hiji lamunan duh geuning
Mangrupa hiji lamunan cita-cita pangharepan geuning
Ati kingkin sulaya nu jadi marga
Ati kingkin rasa duka sulaya nu jadi marga
Duh na kasaha diri neangan panglipur
Nitipkeun badan sakujur kamana nu keur panglipur
Dan ngan ieu nu aya ukur impian duh geuning
Cita-cita pangharepan nu aya ukur impian geuning
Dada raca sulaya nu jadi marga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar